Teu Sangka manéhna seueur nu cinta
Korban harta jeung nyawa
Ngan ukur hayang meruhkeun galihna
Nu saurna taya bandingannana
Ditilik tilik manéhna téh geulis pisan
Putri nu turun ti kayangan
Rumasa kuring gé hayang miboga
Ngadadak ngagedur rasa cinta
Hanjakal aya nu teu raos
Batur mah mawa anting
Batur mah mawa cingcin
Kuring ngan mawa hui sajingjing
Tapi kuring teu rék suda
Alim manéhna kuciwa
Da kuring boga modal nu istimewa
Nyaéta niat rék satia salamina
LEMBUR KURING
Saban énjing muka jandéla
Tatangalan pinuh kekembangan
Nambih éndah pamandangan
Sora manuk nembangan
Mapaésan pasawahan
Anu sakitu ngeplak éndahna
Mung ku jaman ayeuna
Anu kitu atos leungit
Tatangkalan anu aréndah
Jadi gedong-gedong
Manuk anu unggal énjing kadangu sorana
Ayeuna mah tos teu aya deui
Kuring rumaos ka diri
Saha anu lepat
anu ngajadikeun lembur ruksak
Ku ayana gedong-gedong éta
Mung kajadian baheula
Anu sakitu éndahna éta pamandangan
Sigana moal bisa balik deui
Ahir Jaman
Keueung ngadéngéna
Sieun nyipta-nyiptana
Teu kabayang kumaha jadina
Lamun Isrofil ngalaksanakeun pancénna
Kantos ngolébat dina dada
Sagala kasalahan salila hirup di alam dunya
Hayang pisan mersihan
Sagala kagoréngan sorangan
Tapi, nalika Isrofil niupkeun tarompétna
Geus eureun sagala pangampura dosa
Tinggal urang narimakeun
Surga atawa naraka
Ngan Alloh anu mutuskeun
>>
Mirip dengan sajak bahasa sunda singkat :
- sajak bahasa sunda singkat
- Kumpulan Puisi dalam bahasa Jerman dan artinya
- Contoh Puisi
- Puisi Tentang Kekasih Tersayang
- Puisi Rindu Ibu | Puisi Buat Ibu
- Puisi Cinta “Ketika Aku Tak Mampu Mendapatkannya”
- Puisi Untuk Guru Tercinta
- Contoh Puisi Cinta
- Puisi Bahasa Inggris Tentang Pendidikan dan Terjemahannya
- Puisi 3 Bait Tentang Alam
- Puisi 3 Bait Tentang Sekolah
- Kumpulan Puisi Tentang Pahlawan
0 Komentar untuk "sajak bahasa sunda singkat"